Ajen diri nu kumaha nu kudu di ajenan?
Nu pinuh ku rurujit?
Saha nu aku-aku beresih? Nu basa-na direka-reka jiga Pandita?
teu ngukur ka kujur,catur ngan teu jadi bukur
naha rek terus nyasalah batur?
Geura ngeunteung!
Tah pameunteu
Tah diri
Tah awak sakujur
Lenyepan
Naha geus bener?
Naha awak teh nincak bae salah?
Kakara ajenan ku budi anu wening
Bral ....